ALAM dunya nu éndah téh ciptaan Pangéran. Ku sabab nu nyiptakeunana Pangéran, tangtu rupa atawa wangunna hadé jeung sampurna. Ari kasampurnaan alam sok dijieun siloka, kaasup dina babasan jeung paribasa. Karancagé kolot baheula, enggoning ngarumuskeun jurus pikeun nyanghareupan kahirupan, salah sahijina winangun babasan jeung paribasa, sawaréh dijieun ku cara siloka nu nginjeum ti kaayaan alam téa. Modél atawa rupa suhunan imah vernakular di Tatar Sunda gé nyonto ka alam. Upamana, aya nu nyonto ka manuk, aya deuih nu nyonto ka sasatoan...